Sajak Darpan - Neangan Bulan
NÉANGAN BULAN
Capé néangan bulan di taman-taman kota
Moal kitu diampihan ku manéhna
Di kamarna nu pantone pulas gondola
Gambar kota dirampaan karadakna
Di titénan urat-uratna nu keketegan
Jam di bunderan weléh teu daék balaka
Dutéangan deui di sisi kota nu iuh
Bulan ukur nyésakeun tapak-tapakna
Pagalo jeung cangkang umur nu bacacaran
Boa enya diampihan ku manéhna
Disimbutan buni bari laju didongéngan
Nepi ka tibra dina linduhna impian
Hayang nulis surat mapaykeun bulan
Rék diririhan sangkan bulan dikencarkeun
Karunya ku kembang nu ngaruyung
Dina leungeun-leungeun lalaki nu gandrung
Gelas-gelas jus combrék caméwék
Nyalangrung ibunna alatan sungkawa
Teu manggih bulan nu leungit ti langit kota
Tapi ieu surat rék tujul ka saha
Da manéhna ngilu ngahiang
Bareng jeung bulan nu teu puguh raratan
(Karya : Darpan)

0 komentar: