Selasa, 10 Januari 2017

Sajak Sarabunis Mubarok - Duriat

DURIAT


Aya nu leungit wanci janari
Sarébu cicika ngudag-ngudag
Rék ngirimkeun silalatu
Ka gigir-gigir rémpan nu haliwu

Ti dapuran ka dapuran
Rungkun ka rungkun
Guha ka guha
Néang béja
Néang hareudang
Nu mulak malik harepan
Lebah jamparing
Nu nurih cinta ku gurilapna

Ngan haté geus ngajirim pajaratan
Nu mépéndé saban simpé
Ka tungtung hujan
Geus disimpangkeun
Angen-angen nu silantangan

Gigireun ceudeum
Gigireun kasieun
Nu geuneuk ngungudag reureuk
Saban ambekan


2002
(Karya : Sarabunis Mubarok

Diambil dari: Sawatara Sajak Sunda “Néangan Bulan”)

0 komentar: