Jumat, 13 Januari 2017

Sajak Dian Hendrayana - Kahatur Jungjunan Kalbu

KAHATUR JUNGJUNAN KALBU
(Keur N)


Saéna ulah aya kecap sono diantawis urang. Mending
      Palidkeun
Urang palidkeun. Da parahu nu kungsi dipaké lalayaran
Cenah
Moal rék kapalang héman ngalalarkeun rusiah duaan
Geusan muru ka muhara kalbu tina geleburna kagandrung
Nu ngunung-ngunung

Saéna urang pungkaskeun nyulam carita duaan. Mending
Sidem,
Da enya mending disidem. Puguh éndah mangsa kakangen
Diumbar ti kaanggangan. Najan enya nyiksa, nanging mangsa
Ngunder kagandrung. Kareureutna langkung-langkung
Ti mangsa tepung


Januari, 2002
(Karya : Dian Hendrayana
Diambil dari: Sawatara Sajak Sunda “Néangan Bulan”)
                                                                                   


0 komentar: