Jumat, 30 Desember 2016

Sajak Teddy ANM - Pitaloka

PITALOKA


Hanyir getih sumilir katebak angin
Sora perang ngahuru saban jajantung
Tapi, mangsa lawas anu natrat
Bet narembongan
Éstu témbrés lir gurilap matapoé
Na seuseukeut pedang ajal

Diri nu gelar ka alam dunya
Horéng ukur waruga
Nu diwayangkeun asih bapa
Asih indung, asih kadang kulawarga

Tali asih nu nalikung tambah réa paméntana
Diajénan, diméménan,
Tapi teu boga meunang pamilih

Karep bapa jadi karep diri kuring
Kacua balaréa jadi kacua diri sorangan
Hirup mangalir ti Rahim ka Tegal Bubat

Sora perang mumbul ka jomantara
Tapi laju jadi réhé

Kuring surti,
Ayeuna,
Di Tegal Bubat,
Sakabéh tali asih
Nu nalikung léngkah kuring geus paragat
Tapi, moal lana

“Patrem, upama kuring henteu bisa milih jalan hirup,
Ayeuna kuring seja milih jalan pati”


(Karya : Teddy A.N Muhtadin - 2005
Diambil dari : Sawatara Sajak Sunda "Neangan Bulan")

0 komentar: