Kamis, 12 Januari 2017

Sajak Euis Balebat - Rusiah Cinta

RUSIAH CINTA
(Keur Lin)


Nganteur pangajak haté
Nuturkeun karep hayang kamana
Lungleng pikir sajajalan
Dirérab bayeungyang beurang
Nu ranggéténg nojosan léngkah
Mipir dayeuh ngaliwatan
Hambalan bingbang
Mapay tarahal jalan satapak
Néang leuweung panyumputan
Rék numpi ngarungkun pikir
Nilemkeun rasa salenyapan
Nyingkahan anjeun
Ngejatan tresna kasmaran
Nu geus ngarampid manah
Sataranjang méh poho ka tangtungan
Nogéncang tina aturan
Kebat mundungan anjeun
Méméh Liwung katalanjuran
Nyapih asih jeung peurihna
Mungkas nineung rusiah cinta


Ujung Berung, Pebruari 2004
(Karya : Euis Balébat
Diambil dari: Sawatara Sajak Sunda “Néangan Bulan”)
                                                                                   


0 komentar: