Rabu, 11 Januari 2017

Sajak Euis Balebat - Kalakay Taun

KALAKAY TAUN


Taun-taun nu diliwatan
Kalakay nu murag sapanjang usum
Mayak patumpuk jeung bangkarak
Bulan. Langit ngaheruk
Mireng tangkal ngarangrangan
Sapaparat jalan. Udagan ngajauhan
Ninggalkeun catetan pirang mongkléng
Tina saban léngkah nu dijurungkangkeun
Getih ngalémbéréh basa angin
Nyuaykeun raheut kamalangkem
Urang reureuh sakedapan
Ngitung peurih jeung nyerina


(Karya : Euis Balébat
Diambil dari: Sawatara Sajak Sunda “Néangan Bulan”)
                                                                                   


0 komentar: