Rabu, 11 Januari 2017

Sajak Euis Balebat - Lagu Asih

LAGU ASIH


Ramat-ramat asih
Benang-benang kangen
Nganteng pajuranteng
Jero pikir
Meungkeut ngabeulit diri
Jadi peurih
Jadi rungsing
Jadi puisi
Nu biheung kasurti
Mun urang keukeuh
Silih sumputkeun rarasaan


(Karya : Euis Balébat
Diambil dari: Sawatara Sajak Sunda “Néangan Bulan”)
                                                                                   


0 komentar: