Sajak Etii RS - Na Tetelar Taun Anyar
'NA TETELAR TAUN ANYAR
Naon deui nu rek
digalindengkeun ku urang ayeuna
lagu cinta, lagu liwung,
atawa hariring cikahuripan ?
antara rasa jeung mangsa
sihoreng taya lalangse nu
masinikeun poe
atawa antara tangtung jeung
wuku
ukur kaitung ku ketugna
jajantung
Naon deui nu rek digurit ku
urang `na tungtung langit
sanggeus bentang nu
tingkaretip nungtut laleungit
asmarandana, maskumambang,
atawa durma?
sabab antara karisi jeung
tiiran wanci
lir angin jeung hiliwirna
antara subaya jeung cidra
lir kadeudeuh jeung
geugeutna
Mending urang nganggit
dangding
bari ngaroris caangna bulan
nu ngempray 'na peuting
tingtrim
susuganan urang weruh
mun kalebuh di laut nu liuh
atawa urang nataan rumpaka
nu patoleksak dina kaca-kaca
mangsa
susuganan urang salse
sabada tipoporose ti poe ka
tungtung poe
Naon deui nu rek
digalantangkeun ku urang ayeuna
sanggeus raga dibabandan
kala?
Bandung, Januari 1995
(Karya : Etti R.S)

0 komentar: