Sajak Risnawati - Sajak Cinta
SAJAK CINTA
Asih téh hariring putri
Sumanding mun peuting
nyaring
Cinta téh haleuang déwa
Mirage sukma dina rasa
pangjerona
Mun anjeun lunta
Tuluy ngasruk pangparatan
rasa
Néang cinta dina hate
unggal
Wanoja
Anjeun bakal ngarasa
Asih maranéhna hapa
Mun anjeun mulang
Tuluy nyesep acining
kembang
Dina éndahna sono bojo
atawa
Teuteup budak nu canémbrang
hérang
Anjeun bakal ngarasa
Nya di dinya cinta nu
kumalangkang
(Karya : Risnawati
Diambil dari: Sawatara
Sajak Sunda “Néangan Bulan”)

0 komentar: